Kembang jeung Seungitna

NERANGKEUN HADIST     

Sinom

Malah-malah rai aya, dalil deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, fiidunya bi ‘ainil qolbi, kitu anu kauni, ari hartina teh tangtu, ninggali Allah di dunya, kudu ku awasna ati, hanteu bisa ninggal ku panon kapala.

Samalah aya lajengna, aya deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, lajengna Bil akhiroti, teras bi’aenil ‘arsi, sundana teh kitu deui, ningal Allah di akherat, ku panon teu salah deui, tatapina hanteu kalawan kapiat.

Sabab teu adu hareupan, kusabab enggeus ngahiji, kawas kembang jeung seungitna, saperti gula jeung amis, kertas jeung bodasna deui, kawas ombak sareng laut, tah kitu eta hartina, raina ngawalon ta’dim, rebu nuhun engkang kersa miwejang.

Namung nyanggakeun duduga, muga ulah bendu galih, reh aya nu can kapaham, rai bade naros deui, rakana ngawalon manis, aduh rai rebu nuhun, dipalebah pun engkang mah, boro-boro ngewa ati, anggur atoh boga dulur nyaring manah.

Anu aya diengkang mah, sumawonten pangarti, sanajan dunya barana, lamun dipundut ku adi, moal rek dibuni-buni, wantun sumpah tangtu katur, ceuk raina nuhun pisan, engkang heman ka rai, yaktos engkang saderek dunya akherat.

Kieu engkang sayaktosna, bade tumaros teh rai, reh tadi dawuhan engkang, ceuk dalil Awwalu dinni, sareng Ma’rifatullahi, anu tadi dipisaur, kudu nyaho ka dzat Allah, saha nu kudu ninggali, lamun urang nu kudu terang ka Allah.

Kapan geuning geus kapegat, kapiheulaan ku dalil, Laa haula wala quata Illa billahil ‘aliyil ‘adim, kapan hartina teh dalil, teu daya upaya kitu, sasat ngajadi rokrak, beh dinya rai teu ngarti, aya rokrak bet kudu kawasa ninggal.

Upama kitu mah dua, hirup rokrak hirup Gusti, rakana lajeng ngajawab, rai ulah salah harti, urang soteh ceuk nu hurip, sategesna hurip hirup, hirup nyatana cahya, hakekatna Muhammad Nabi, hurip rasa, rasa teh nya Rasulullah.

Tah kitu rai hartina, bilih rai tacan ngarti, lain urang ceuk nu anyar, nu anyar damelan gusti, nu anyar moal tinggali, tangtu gusti anu weruh, anu Dzat laisa tea, bila haiffin makanin, enya eta sategesna Ahadiyat tea.

Saurna Raden Muslimat, upami kitu mah harti, jadi sasat nu uninga, nya gusti Rasulullohi, rakana ngawalon deui, leres rai bener kitu, mana ulah salah paham, hartina Rosulullohi, rasa Allah rai eta rai moal salah.

Raina deui unjukan, aduh raka nuhun teuing, rai dipaparin terang, namung bade naros deui, saur engkang teh tadi, Waman aroffa nafsahu, faqod aroffa robbaha, man aroffa robbaha deui, salajengna jeung faqod jahilan nafsah.

Saha-saha anu terang, kana dirina pribadi, tangtu nyaho ka Pangeran, saha nu nyaho ka gusti, bodo dirina pasti, unggel Hadist eta kitu, naha diri nu mana, anu kudu dipilari, naha ieu nu ngajentul badan badag.

Saupami sayaktosna, kudu nganyahokeun diri, diri ieu anu aya, nu bukti ieu ngajagrig, raos rai hanteu hasil, bet asa teu puguh-puguh, kapan enggeus katinggal, enggeus sidik ti leuleutik, moal enya susah diteangannana.

Ngajawab deui rakana, rai kawas murangkalih, kantenan hanteu hasil mah, neangan diri nu bukti, naha tacan tinggali, kana diri nu satuhu, kapan ieu mah jasad, ngaran-ngarana oge jasmani, ngaran diri anu sabener-benerna.

Hiji ngaran Narun tea, Hawaun, Turobun deui, Ma’un anu kaopatna,bilih rai tacan harti, nyaeta badan rohani, tah eta rai nu kudu, ku urang masing kapendak, ari nu ngaran jasmani, kudu ilang tapi papada ilangna.

Ulah leungit tanpa sabab, leungitna kudu kaganti, kagenten ku opat rupa, kakara bisa ngajadi, mun masih badan jasmani, kumaha geusanna mafhum, kudu genten ginentenan, ilangna badan jasmani, sing kagenti ku badan rohani tea.

Sabab hartina Jas eta, piraku hanteu kaharti, kapan baju ceuk sundana, ari hartina teh mani, nyaeta badan rohani, sasatna baju teh bungkus, bungkusna rohani tea, anu mawi moal hasil, lamun urang nganyahokeun badan nyata.

Kudu dirakrak bajuna, sangkan eusina kapanggih, tah sakitu ibaratna, ieu teh badan jasmani, hijabna ka Maha Suci, mun teu ilang heula wujud, eusina moal kapendak, disaibaratkeun ucing, maksud ucing rek ngintip beurit kaluar.

Kaluar tina liangna, tapi ucingna teh cicing, dina hareupeun liangna, kalah paeh moal bijil, tangtu pisan moal hasil, tah ibarat rai kitu, ucing teh ibarat jasad, beurit ibarat nu Latif, mo kapanggih mun jasad teu rasa ilang.

Mun dina ucing tea mah, hayang kaluarna beurit, ucingna teh kudu nyingkah, kakara torojol beurit, menggah di jalmi ge rai, mun hoyong ma’rifatu, kana dzat Allah ta’ala, kudu sing ngarasa pasti, sing ngarasa hanteu ngabogaan jasad.

Dina keur waktu tarekat, sing ilang rasa jasmani, kagenten ku Rasulullah, rasa ni’mat anu sajati, bakating resep ninggali, kana dzatna Maha Agung, tangtu ngarasa ilangna, dunya sarawuh jasmani, ceuk babasan sarangka manjing curiga.

Raina lajeng ngajawab, katerangan engkang tadi, kahartos kabina-bina, jadi caang pikir rai, geus moal rek udar deui, geus sumurup kana kalbu, moal unggut kalinduan, moal kagedag ku angin, sabab sidik dalilna jeung karasana.

Kantun saeutik can paham, hal sundana dalil tadi, ku rai can kalenyepan, masih heran keneh ati, dina saha-saha jalmi, nu terang ka Maha Agung, disebat bodo dirina, beh dinya rai teu ngarti, masih bingung ku rai can kalenyepan.

Aya nu terang ka allah, disebatkeun bodo pasti, sanes pinter kasebatna, naha asa bingung teuing, naha ari nu katepi, ma’rifat kanu Maha Agung, dina ceuk dalil eta, disebatkeun bodo pasti, atuh leuwih hina tinu hanteu terang.

Rakana lajeng ngajawab, naha rai can kaharti, basa bodo teh hartina, manusa mah moal teuing, ma’rifat ka Maha Suci, sabab dalil geus ngawengku, Laa haula wala quwata, illaa billahil ‘aliyil ‘adim, hartina teh teu daya teu upaya.

Mun manusa nu ma’rifat, mutajilah eta pasti, sabab ngajirimkeun Allah, katinggal ku panon bukti, ku mata anu buncelik, atuh saperti si waru, papanggih jeung si dadap, sidik aya dua jirim, aya itu jeung aya diri manehna.

Kapan Allah Nafi Isbat, aya Isbat euweuh Nafi, aya Nafi euweuh Isbat, kalem timbul kitu rai, Isbat ayana pasti, diri manusa geus tangtu, nya ieu sifatna urang, Nafi ayana rohani, mun keur Nafi Isbatna kudu teu aya.

Ceuk raina atuh saha, nu ma’rifat ka Yang Widi, ari sanes manusa mah, saur raka mun teu harti, anging Jeng Rasulullohi, Muhammad Nabi panutup, nu sumareh di Madinah, majajina mah geus sidik, enya eta sareatna nu ma’rifat.

Diurang mah hakekatna, hakekat Muhammad Nabi, nyatana nyaeta rasa, awas paninggali ati, eta nu bisa tinggali, ma’rifat ka Maha Agung, ari tinggal manusa mah, nu make panon buncelik, eta kitu dina katerangannana.

Jawab rai nuhun engkang, rai dipaparin harti, anu sakieu terangna, matak ni’mat kana ati, lamun dibeuli ku duit, nimbang harga samaliun, da naros ka nu sanes mah, weleh bae teu kaharti, aya basa tatapi hanteu karasa.

Sabab ngan wungkul ceuk beja, beja dibejakeun deui, diandel bae basana, buktina teu dipilari, keukeuh ngaji luar diri, ngajauhkeun ka Yang Agung, teu diaji salirana, sifat dua puluh yakin, ngan di aku nyatana badan anjeuna.

Tatapi salang surupna, hanteu diraoskeun deui, rai mah hayang karasa, tumerapna hiji-hiji, ayeuna paneda rai, mugi-mugi engkang luntur, ngabahas hiji-hijina, sareng hartina sing sidik, sing karasa ulah bae ngan basana.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Temu Kangen Alias Reunian SMA Cimindi

Amalan Anak Kunci Pembuka Khasanah Langit dan Bumi

KEBUN TEH PANGHEOTAN CIKALONG WETAN