Dzattullah, Sifatullah, Asmaullah,

NERANGKEUN DZATULLAH, SIFATULLAH, ASMA’ULLAH, AF’ALULLAH

Rakana lajeng ngajawab, pasal eta anu opat perkawis, ayeuna ku engkang tangtu, rek didadar sakaterang, boh luarna, boh jerona sugan sapuk, mufakat sareng sadaya, nu geus ngagem tarekati.

Ayeuna luarna heula, nyaeta luareun diri pribadi, supaya merele kitu, tuluy engke kana jasad, sanggeus beres dina jasad meureun tuluy, kana hakekatna pisan, sabab mo beda saeutik.

Luarna ngaran Dzatullah, nyaeta alam disebatna rai, nya ieu anu ngawengku, nu ngawengku alam dunya, ceuk raina nuhun ku rai kamafhum, naon ari Sifatullah, muga diterangkeun deui.

Ceuk rakana Sifatullah, enya ieu caang satungkebing langit, sabab tadi ge Yang Agung, hiji dzatna hiji sifatna, tapi mahi kasadaya ngaangliput, teu aya anu kaluar, tina dzatna Maha Suci.

Saur rai leres pisan, hal perkawis caang teh eta ngan hiji, saalam dunya katutup, ayeuna nu katiluna, Asma’ullah ku engkang geura pisaur, rakana lajeng ngajawab, Asma’ullah eta rai.

Hiji seuneu enggeus nyata, dua angina tilu cai opat bumi, tah eta Asma Yang Agung, hiji mahi kasadaya, sabab eta nu opat teh jadi huruf, jadi lafad Asma Allah, Alif Lam Lam He geus sidik.

Raina teras ngajawab, kantun eta Af’alullah mangga wincik, nu mana Af’alullah, ceuk rakana mun teu terang, pasal eta Af’alullah anu dumuk, nyaeta nyatana hawa, nu ngahirupkeun sabumi.

Kumaha rai kumaha, karaosna surup sareng manah rai, atawa masih bingung, ceuk rai saha jalmana, nu teu ngarti kana eta sapiwuruk, anu sakitu jentrena, piraku bet bodo teuing.

Ayeuna mah mangga engkang, kantun nyasar kana diri pribadi, naon nyatana anu dumuk, nyatana hiji-hijina, kang rai teh masih keneh rada ewuh, kumaha eta nyatana, tumibana dina diri.

Ceuk rakana mun can terang, Dzatullah teh sanyatana dina diri, buktina badan sakujur, nu ngawengku kaayaan, tek-tek bengek kaayaan dina wujud, Sifatullah rupa urang, kitu hanteu salah deui.

Saur rai naha engkang, kapan tadi Allah ta’ala ngan hiji, rasa rai lamun kitu, Allah teh pirang-pirang, salobana manusa teh anu hirup, ceuk rakana rai naha bet kaliru-kaliru teuing.

Coba rai ayeuna mah, geura angkat kanu rame di nagari, dina jalma rebu-rebu, pek ku rai tinggalian, sugan aya nu sarupa nu sapatut, sarupa taya bedana, jeung rupi rai pribadi.

Ari emutan engkang mah, boro-boro asup ka hiji nagari, neangan anu sapatut, sanajan saalam dunya, moal manggih anu sarupa sapamulu, nu ceples taya bedana, jeung rupa rai mo manggih.

23
Layang Muslimin Muslimat

Raina ngagebeg reuwas, eh sumuhun naha bet kaliru teuing, leres engkang kaulanun, estu ngan sahiji pisan, rupa rai teu dua sumawon tilu, sajeroeun alam dunya, tawilna Allah ngan hiji.

Amung anu katiluna, nyaeta anu ngaran Asma’ullahi, naon nyatana anu puguh, nu bukti di badan urang, ceuk rakana rai lamun tacan mafhum, nyatana Asmana Allah, kulit anu nomer hiji.

Daging anu kaduana, katiluna tulang hanteu salah deui, kaopatna the nya sungsum, sidik geuning jadi lafad, Asma Allah Alif Lam Lam He geus puguh, pada opat jejeg pisan, teu kurang sumawon leuwih.

Sumuhun saur raina, sihoreng teh kadinya bae ngahiji, ayeuna mangga kulanun, Af’alullah geura wejang, ceuk rakana kieu rai mun can mafhum, sanyatana Af’alullah, nyaeta usikna diri.

Usik malik wujud urang, ceuk raina nuhun alhamdulillahi, surup pisan sareng kalbu, ayeuna kuma lajengna, sugan aya teras bae kulanun, ceuk rakana masih teras, geura rek diwincik deui.

Eta anu tadi tea, diringkeskeun kana opat rupi, sanyatana dzatullahi, nyaeta pangucap urang, sabab eta pangucap teh anu puguh, nu ngajadikeun sagala, karamean alam dohir.

Lamun hanteu ku pangucap, moal jadi sagala kahayang jalmi, gedong-gedong ge moal rentul, jadina jeung ramena, ieu dunya teu lian ku kecap kitu, tegesna teh ku omongan, da tadi ge dzat teh bibit.

Raina ngabarakatak, gumujengna geunah bakating kataji, wekasannana pok nyaur, duh engkang karaos pisan, katerangan engkang sakitu mah cukup, ayeuna nu kaduana, Sifatullah geura wincik.

Ceuk rakana sifatullah, enya eta sifatna paninggal rai, eta nu mere tuduh, kana sagala sifat, anu hade anu goreng oge kumpul, gulungna dina paninggal, satungkebing bumi langit.

Geus gulung kana paninggal, caang poek beureum hideung bodas kuning, bulao biru jeung wungu, pendekna sadayana, sakur sifat kana soca bae gulung, nu matak soca disebat, Sifatullah eta rai.

Rai mesem bari jawab, aduh tobat karaos kaliwat saking, nyatana Sifatullah, bet malindes kana badan, beuki jero beuki karasa sumurup, ayeuna ulah kapalang, Asma’ullah geura wincik.

Saur raka Asma’ullah, sanyatana nyaeta pangdangu, cepil wadahna geus tangtu, kieu katerangannana, geuning nyata sakabeh sowara kumpul, gulungna geus tangtu pisan, kana cepil geuning sidik.

Kapan sagala omongan, sakur-sakur nu diharuskeun ku biwir, sakabeh ge asma wungkul, asupna moal salah deui, kana cepil sora nu gede nu lembut, kitu katerangannana, naha ku rai kaharti.

Ceuk raina aduh kantenan, kahartos sumurup kana sanubari, ati rai geus teu bingung, caang padang narawangan, tina margi katerangan engkang cukup, karasa sareng buktina, atuh rek kumaha deui.

24
Layang Muslimin Muslimat

Sageuy rek nyalimpang tekad, kapan tadi pangwajibna nyiar ilmi, neangan pangarti tangtu, tina poek hayang caang, ayena ku rai enggeus kaemut, sakur nu geus diwejang, nyacas bae jero ati.

Ayeuna kantun kaopat, enya eta Af’alullah geura wincik, naon nyatana anu dumuk, nyatana dina badan, saur raka perkawis Af’alullahu, kanyataan di salira, nya Nafas urang geus sidik.

Enya eta Af’alullah, sareatna anu aya dina diri, nafas nu kaluar asup, wawayangan hirup tea, nu ngawengku nguatkeun sakabeh wujud, eta nu jadi tihangna, taya nafas tangtu mati.

Tah eta palebah dinya, wajib pisan ku urang kudu kaharti, nafas teh kamana atuh, tinggal dangu sareng ucap, mun kaluar tepi kamana nya dumuk, mun kajero sumawonna, dimana enggonna ngancik.

Moal leungit tanpa sabab, tangtu bae aya tempatna geus pasti, saur raina sumuhun, mun dipikir lebah dinya, matak paur matak sieun pupus, atuh kumaha akalna, sangkan urang kaharti.

Ceuk rakana naha reuwas, kapan tadi Gusti Allah sifat adil, buktina nurutkeun ilmu, sareat sareng hakekat, katiluna tarekat jeung ma’rifatu, eta teh perjalanan, jalan manusa baralik.

Kana asalna baheula, tempat eroh urang keur waktu di kadim, keur dina qudratullahu, numatak ayeuna urang, kudu daek ikhtiar neangan ilmu, neangan ilmu ma’rifat, ma’rifat ka asal tadi.

Sangkan puguh pangbalikan, ulah hanteu puguh piloseun nya balik, hanteu puguh nu dijugjug, atuh lamun teu puguh mah, nu dijugjug jadina teh usrak-asruk, tungtungna saha nu nyambat, didinya teh urang cicing.

Kumaha lamun disambat, ku Siluman ku Onom atawa Jin, anu mara kayangan kitu, atuh tangtu cilakana, najan urang bebekelan nyuhun nanggung, nyaeta beunang ibadah, keur waktu tadi di dohir.

Lamun hanteu aya tempat, hak pribadi atuh bebekelan tadi, teu aya tempatna kitu, balatak taya wadahna, nyaah temen urut tisusut ti dungdung, hese cape ngalakonan, ibadah di alam dohir.

Kitu rai upamana, anu matak urang teh sing ati-ati, enggoning ibadah kitu, kudu jeung ma’rifatna, kana asal keur urang waktu kapungkur, jaman keur di qudratullah, pangbalikan nu sajati.

Ceuk raina yaktos pisan, umumna teh lolobaha jalmi-jalmi, ibadah anu ti payun, nyaeta ibaratna, keur kukumpul keur engke pibekeleun wangsul, mulih ti pangumbaraan, nya ieu ti alam dohir.

Tapi keur pikeun tempatna, piwadaheun bebekelan anu tadi, sok tara pisan diemut, sumawonna dianjangan, sok neumbleuhkeun kumaha bae Yang Agung, ana kitu nyieun bujang, ka Gusti nu Maha Suci.

Kapan tadi Gusti Allah, Kun Fayakun enggeus hanteu nungtut deui, mahi kusakali tangtu, kari-kari manusa, bet neumbleuhkeun deui ka Gusti Yang Agung, nyieun purah-purah pisan, kapan tadi geus maparin.

25
Layang Muslimin Muslimat

Ari emutan rai mah, engkena mah Gusti nu Maha Suci, ngan kari netepkeun wungkul, sabogana-sabogana, beubeunangan ti pangum baraan kitu, teu kudu nyiksa ngaganjar, sabab tadina ge Gusti.

Pang ngayakeun Naraka, jeung Sawarga lain keur sangaja Gusti, ngaganjar sareng ngahukum, ngahaja pikeun manusa, lamun kitu Allah teh tukang ngahukum, sinareng tukang ngaganjar, saperti bangsa hawadis.

Ceuk rakana bener pisan, eta kabeh papahaman kang rai, yen Gusti nu Maha Agung, pang ngayakeun Sawarega, jeung Naraka lain keur baris ngahukum, atawa baris ngaganjar, manusa di dohir batin.

Sategesna Gusti Allah, ngan ngayakeun geunah teu geunah geus pasti, bareng jeung ngayakeun mahluk, sumawonna alam dunya, geuning kitu sidik adilna Yang Agung, lain sangaja keur nyiksa, ngan bareng ngayakeun jadi.

Kapan ku urang karasa, ayeuna ge keur aya keneh di dohir, mun nyieun susah ka batur, nganyerikeun pada jalma, malik deui ka urangna eta tangtu, karasa hanteu ngeunahna, sabalikna kitu deui.

Lamun nyieun kahadean, ka sasama papada kaula Gusti, ka urangna ge geus tangtu, malik jadi kangeunahan, geuning sidik sawarga naraka kitu, dijieun ku urang sorangan, tina tekad laku jalmi.

Sanajan di akheratna, pang ayana naraka sareng sawargi, bawana ti dunya tangtu, sabawana-sabawana, sewang-sewangan kumaha tekad jeung laku, waktuna di alam dunya, sa Ilmu-ilmuna tadi.

Dupi perkawis Allah mah, ngan netepkeun sabandana-sabandana tadi, bawana ti dunya kitu, mun mawa kagorengan, kajadian ngan jadi teu ngeunah wungkul, lamun mawa kahadean, kajadian ngeunah deui.

Mun mawa kasampurnaan, nya jadina sampurna teu salah deui, balik ka asal kapungkur, kumaha bae elmuna, da kabeh ge tunggal ilmuna Yang Agung, moal ditampik ku Allah, kamana ge anu aing.

Sinom

Ngajawab deui raina, leres engkang kahareti, dina pangbalikan jalma, kumaha ilmuna tadi, geus moal sulaya deui, mung rai aya panuhun, tadi aya nu kaliwat, hal perkawis Dzatullahi, hakekatna ku engkang tacan didadar.

Tadi karek di luarna, kuma kajerona deui, Dzatullah jeung Sifatullah, Asma’ullah kitu deui, Af’alullah tacan ngarti, rai panasaran langkung, hayang tepi ka jucungna, ulah kapambeng hawatir, mangga engkang carioskeun anu terang.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Temu Kangen Alias Reunian SMA Cimindi

Amalan Anak Kunci Pembuka Khasanah Langit dan Bumi

KEBUN TEH PANGHEOTAN CIKALONG WETAN