Khusu Shalat

Sembahiyang kudu khusu, Mudu tutup sakabeh nafsu, Nafsu opat ulah metu, Lain Shalat nangtung kitu.

Allahu akbar kudu ta’yin, Mudu sidik ka alam batin, Lain beurang lain peuting,

Lalangse beureum jeung kuning,

Geus euweuh wujud kaula, Didinya naon nu aya,

Lain akbar mata kapala, Akbar anu sajatina.

Kaula geus hanteu aya, Ganti Pangeran nu aya, Nyebut aya teu ngarasa, Manahan ku ahli rasa.

Silokana sing kapanggih, Kunci Muhammad nu rugi, Rasiahna Maha Suci, Teangan tarekat jati.

Lain Muhammad di Madinah, Hakekatna kudu kamanah, Da aya awal akhirna,

Pek taroskeun ka Ulama.

Taroskeun ka Ajengan Kolot, Anu dzikirna ngageot,

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Temu Kangen Alias Reunian SMA Cimindi

Amalan Anak Kunci Pembuka Khasanah Langit dan Bumi

KEBUN TEH PANGHEOTAN CIKALONG WETAN