Medar Diri Ku Dangdingan Dangdanggula

Medar Diri ku Dangdingan Purwakanti,Dangdanggula, Sinom sareng Magatru

Di tukil tina buku Layang Muslimin, Muslimat


Pangapunten ka pameget istri, disuhunkeun manah anu setra, muga ulah jadi lotro, sumawonajadi nyatru, ka ku ring nu keur salatri, salatri ku anu setra, najan ku bulustru, moal matak jadi setra, mun seeng mah benter miis tina patri, ngagolakna teu walatra.

menggah ieu maksad jisim kuring, ma’lum seueur nya kakirang, sok inggis sieun kaperong, hawa nafsu nu ngaberung, tapi bubuhan dijaring, nya tiasa oge kurang, sasatna kakurung, dikurung sanes ku barang, anu nyata karaos ku jisim kuring, kajabi kedah disorang.

disorangna kedah ngango bibit, enya eta iman nu kasebat, jeung kedah ngango parabot, tarekat anu kasebut, sangkan terang kana bibit, supaya tiasa kebat, nyatakeun panyebut, tapi kitu oge tobat, jisim kuring kumawantun nyabit-nyabit, nyabit jalan nu panghibat.

Sanes pisan guminter peleci, ngan ngemutkeun hate anu seca, kajeun disebatna ngaco, sapedah dangding teu lucu, tuduh jalan anu suci, malah mandar jasa ngaca, ngeunteungan nu lucu, bubuhan jalma mah Arca, tatapina mun urang terang ka Maha Suci, tangtos moal jadi Arca.

Dupi ieu sakadar pangeling, malah mandar jadina panalang, nalang kanu masih lolong, margi seueur anu linglung, teu aya pisan kaeling, katungkul ku kamelang, melangna kana gelung, estu teu diselang-selang, badanna teh teu dijaring teu dilingling, da resep kanu digeulang.

Biasana mungguhing di lahir, sadaya oge geus ilahar, resepna teh kanu moher, moher tapi hanteu luhur, luhurna ukur dilahir, pada hayang kanu beunghar, supaya kamasyhur, kamashur teu kurang dahar, teu ngemutkeun kumaha engke diakhir, moal terang kanu gahar.

Menggah eta nu gahar sajati, mun dibeli ku duit sayuta, leuwih hese taya conto, da meulina sanes kitu, mun hoyong anu sajati, nu resep matak kabita, nu alus saestu, cik akalan sangkan nyata, anu suci padang sajeroning ati, lir urang ninggal permata.

Maksad kuring ku pamugi-mugi, ka sadaya sanak kulawarga, sareng kanu sanes oge, sing emut ulah ngawagu, kapan urang geus dibagi, sagala ge geus boga, mangka teu digugu, pibahlaeun teu dijaga, hanteu pisan rek eling kanu ngabagi, marukan taya nu boga.

Sanggeus pangna urang hurip, tangtu pisan aya nu ngalarap, teu beda ibarat sirop, amisna anu sumurup, komo nu disebat hurip, tangtu aya nu ngagarap, dina keurna hirup, badan teh aya nu marap, marap laku lampah keur waktuna hurip, sanaos waktu kasarap.

Waktu ieu keur dialam kabir, ulah arek kajongjonan sabar, bilih kaburu ku bobor, susah lamun geus dikubur, kumaha rek jasa takbir, da geus misah jeung nu jembar, tungtungna takabur, bongan didunya ngolembar nu digugu pangajak hate malibir, embung neangan nu jembar.

Sinom

Mugi eta sadayana, sepuh anom nu kauni, geura jajah salirana, pilari nu nyumput buni, ulah ngan sakadar muni, nu disembah bangsa Wisnu, mun kitu salah nyembahna, nyaah teuing ku jasmani, tangtos pisan moal dugi ka asalna.

Da menggahing Gusti Allah, teu nyempad teu milih-milih, sanajan lakuna salah, dianteur tara ditolih, ngan ku urang kudu pilih, ulah tungtung matak ngangluh, mun urang jalanna salah, tangtos moal jasa mulih, sabab urang teu panggih jeung dzatna Allah.

Pan aya basa carita, lamun ka jalma nu mati, lumbrah jalma cacarita, pok na teh mulih kajati, pedah dugi kana pasti, tapi saenyana tangtu, ngan ukur dina carita, atina jongjon teu ngarti, na kumaha lamun jatina tacan nyata.

Geus lumrah karana aman, nyambung dunga bari hamin, muga ditarima iman, nurutan nu geus muslimin, tapi elmuna muslimin, ukur dicipta kulamun, jauh terang kana iman, henteu cara para mu’min, nyebutna teh geus terang jatining iman.

Kapan jalma aya asal, tapi najan teu misil, mun palay mulih ka asal, mangga tungtik tangtu hasil, tangtos mun disisil, ilmuna masing kasusul, sanajan miara bangsal, lamun hantem disisil, geuning sidik rasana teu jadi kosal.

Tah kitu jalanna upama, nu jadi jalmi utami, Milari Ilmu Agama, da urang teh moal lami, tangtu misah jeung sasami, geus pisah jadi kamumu, lantaran teu tumarima, ngan tarima jadi jalmi, marukanan teu aya jatining jalma.

Mangga Manahan ku sepah, Manahan masingna rapih, mun salah tong dipilampah, minangka jadi panyapih, lamun leres mangga ampih, susul pigeusaneun sepuh, sepuh dina laku lampah, malar bisa repeh rapih, da jalma teh ibarat jadi palapah.

Mun palapahna geus misah, tangkalna hanteu miasih, numawi ilmu kedah sah, ulah sok pasalisih, ka jalmi kedah miasih, ulah rek nyieun musuh, bisi pinanggih jeung susah, tegesna kedah beresih, masing sieun ku Allah da teu papisah.

Kumaha atuh jalanna, supados pendak nu buni, tapi di urang ayana, teu katinggal ku jasmani, da puguh badan rohani, geuning ceuk dalil Wujud Nur, mun teu dirakrak wujudna, nya ieu wujud jasmani, hamo bias kapanggih reujeung eusina.

Numawi wajib teangan, malar ati bisa dingin, tangtu jadi kasenangan, sing panggih jatining angin, geura manah angin-angin, mun kapanggih moal ngungun, kana tahayul ngiringan, sabab terang jatining angin, geus terang mah da pakeun urang sorangan.

Asmarandana

Numawi wajib disungsi, margi urang teu kawasa, kedah ngalakukeun hese, sartana kedah rumasa, rumasa taya kabisa, kabisa ngan nganteur nafsu, teu eling kanu Kawasa.

Mugi-mugi sing areling, ulah asih kumapalang, ulah seueur nu dipelong, sapedah aya kamelang, bilih urang jadi belang, tungtungna sok matak linglung, teu terang kanu gumilang.

Nu gumilang dina diri, ayana henteu katara, numawi henteu kawaro, upami nu ngaji sara, moal weleh pinanggih lara, upama henteu guguru, guguru ngakat salira.

Tapi mun rek milari, milari eusi salira, ngarah urang ngeunah sare, badan ibarat panjara, dikunci henteu katara, tah eta ulah kaliru, pilari kunci salira.

Lamun kunci geus katukil, tangtos kaharti ku akal, sagala oge kacokel, bekel sinarengan bakal, mo aya manah basangkal, sanajan anu mukul, ditampa sabar tawekal.

Males ku kalimah kalih, Syahadat anu katelah, saratna karana saleh, tah pilari ulah salah, nyatana Dzat Gusti Allah, da henteu mangpuluh-puluh, estu hiji moal salah.

Tapi lamun geus kapanggih, poma ulah rek gumagah, baragagah beregegeh, kajeun kolot dipiconggah, carios teu diagah, rasa aing nu geus puguh, tah eta kedah dicegah.

Batal ceuk basana Santri, teu terus jadina serta, malahan jadi celetre, sanajan bungkusna sutra, lamun laku henteu setra, tungtungna sok loba satru, dipingewa palamitra.

Ku urang kedah diaji, ulah ngan sakadar beja, kudu karana katenjo, dina ati masing ngoja, jeung kudu sidik ka raja, da wujud mah jadi baju, bungkus ngahalangan raja.

Ari nu kedah diuji, ngabuktikeun omong beja, sanes ngaji jilid hejo, eta mah anu bebeja, tuduh jalan anu diseja, sangkan urang dipaju, supaya jadi raharja.

Kinanti
Ieu kinanti ngajurung, supaya sami ngajaring, malah mandar jadi terang, terang di jatina kuring, kapan teu aya kakirang, pepek karana dijaring.

Nu mawi jalmi teh kudu, amis basa alus budi, ku sabab henteu beda, anjeun jeung diri pribadi, ulah rek ngabeda-beda, sing inget asalna tadi.

Mangkade ulah kalangsu, masing kenging eta sosi, sosina anu Kawasa, sangkan urang henteu risi, geus kenging tangtos karasa, paeh moal aya risi.

Ku sabab urang diandum, diandum Qur’anul ‘Adim, jeung aya basana Qidam, ti heula nyaeta Kadim, kitu sundana teh Qidam, nya eta Qur’anul ‘Adim.

Tah eta teh anu perlu, mangkade ulah pahili, anu kasebat tiheula, anumawi ulah lali, sabab aya nu tiheula, disebat mah da pamali.

Ngaji teh kudu sing suhud, malah mandar terang tohid, terang ka Qulhu huahad, nganyahokeun anu wahid, geus terang nyatana ahad, tangtos urang bisa tohid.

Ieu dangdingan teh tambuh, lumayan eukeur panambih, nambihan malar kaambah, kenging nyutat tinu tebih, cocogkeun sing munasabah, jeung dalil ulah patebih.

Lamun rek milari ilmu, pilahir anu utami, ulah ka samarang jalma, utami jatining jalmi, anu geus manjing Ulama, nu nerangkeun asal jalmi.

Margi seueur anu palsu, anu mawi kedah risi, risi nyandangan panyiksa, tah nu nyiksa geura sungsi, naon atuh anu nyiksa, ku urang kedah kasaksi.

Da bonganna tekad kalbu, teu neang hakekat Nabi, sumawona daek seba, kalindih resep rarabi, seba lain seba domba, ngan kedah nyaho ka Nabi.

Kalbu mun hantem dilajur, henteu inget kana ajir, moal pinanggih ginanjar, teu beda jeung embe bajir, tapi mun daek diajar, meureun terang gambar ajir.

Ayeuna kinanti mundur, rek neraskeun ieu sindir, dangdanggula nu dipedar, sinom nu dianggo sindir, asmarandana didadar, neda kumandang nu hadir.

Magatru

Magatruna ka anggo nyambung pihatur, margina teu weleh ketir, ketir ku margi teu tutur, ibarat nu keur nyekel setir, sieun salah jalan motor.

Margi eta nu disebutkeun diluhur, maksad sim kuring di akhir, sanes pisang hayang masyhur, bubuhan eukeur di dohir, tamba kesel ngantos lohor.
Nya dikarang ku jisim kuring ditungtut, panon mah asa barintit, neangan ilmu nu patut, nganyahokeun nu nguntit, nu beurang peuting petot.

Sadayana eta anu jadi lagu, mangga geura bagi-bagi, supaya ulah ngawagu, sing kapendak bilih rugi, ulah dugi ka ngarogo.

Ngarogona mun urang masih takabur, di dunya hate malibir, tangtu disiksa kubur, da bongan teu daek takbir, paeh moal boga obor.

Rejeki mah teu milu ka jero kubur, estu wungkul keur di dohir, da puguh keuna ku lebur, henteu cara jembar takbir, ka urangna jasa nyebor.

Anu mawi urang teh ulah kumumu, mikir teh anu utami, kotektak masing katimu, katimu bakaling jalmi, sing terang gawena ramo.

Pilari teh tegesna nu saestu, nu kira nepi ka Gusti, lain solat lima waktu, pilari solat sajati, sangkan urang boga conto.

Ari eta sambahiyang lima waktu, cenah keur nyembah ka Gusti, tapi saenyana kitu, muji dzikir laksa keti, weleh henteu meunang conto.

Najan kitab ngabrugbrug mangpuluh-puluh, sakabeh henteu dipilih, diapalkeun ratus puluh, Gustina henteu katolih, teu panggih jeung dzatna Allah.

Samarukna nyembah ka Gusti teh kitu, da tuduh kitab teu harti, teu dipikir anu estu, pedah Gusti taya bukti, tacan nganjang ka pageto.

Padahal mah lamun dikakat disusul, eta tangtu pisan hasil, tangtu terang Nabi Rasul, sagala rupa kamisil, moal beunang ku pangosol.

Saenyana badan teh kedah diukur, diukur reujeung dipikir, ulah ngan saukur akur, teu nanya nyatana dzikir, matak waktuna teh bongkor.

Ieu lagu sadaya oge panuduh, cobian geura peredih, hiji-hiji nu dituduh, tapi ulah jadi sedih, ceuk jawa mah boten adoh.

Sya’ir

Tah eta dangdanggulana, Hartoskeun sadayana, Naon pimaksadeunnana, Da kitu geuning ngarana.

Sarta tah dina komana, Aya sapuluh buktina, Tah eta naon maksudna Di urang naon nyatana.

Dina sinom oge kitu, Nu geus disebut diditu,

Lain ngan wungkul sakitu, Eta teh anu ngabantu.

Koma dalapan nu nyata,

Naon maksud di pernata,

Jeung naon atuh nu nyata,

Ulah ngan wungkul carita.

Asmarandana nu katilu, Nu matak urang perelu, Neangan anu mimilu, Mun teu nyaho bodo balilu.

Eta komana geuning tujuh, Kudu nyaho gawe nu tujuh, Jalanna kudu tawajuh,

Ka guru anu mituduh.

Tah ieu nu pikeun ngaganti, Anu kasebat kinanti, Genep koma naon bukti, Mun palay terang ka Gusti.

Ieu tungtik keur jalanna, Pati kudu jeung pigawena,

Ulah ngan wungkul hayangna, Kudu aya pameulina.

Sya’ir nu jadi sindir,

Opat komana teu mubadir, Henteu kudu undar-andir, Milari Syekh Abdul Qadir.

Lamun ku urang geus dibeuli, Tangtu yakin katinggali, Moal samar moal lali, Jalanna kudu Mujasmedi. (*)

Lamun urang daeuk leukeun, Sagala rupa-rupakeun, Tangtos moal barieukeun, Urang bisa nganyahokeun.

Mungguh jalma teh geus pasti, Sagala ge bakal mati,

Disebut mulih ka jati, Matak wajib terang ka Gusti.

Bisi urang ngajadi susah, Lamun elmuna tacan sah, Kapan Allah henteu papisah, Emutan perlu diasah.

Ngasahna jeung babaturan, Supaya ulah limpeuran, Bisi beunang kacampuran, Ku Idajil nu maturan.

Naha iraha deui waktuna, Lamun henteu ti ayeuna, Iraha rek tobatna,

Geus paeh nyandang siksaan.


(*) Urang bisa nganyahokeun ka Gusti.

Biasa sok ditahlilan,

Cenah mantuan keur dijalan, Asana ku pamohalan,

Paeh beunang diakalan.

Kanyeri beunang ditalangan, Marukan teu kahalangan, Da bongan teu diteangan, Di dunyana kajongjonan.

Beurang peuting Yasin jeung dzikir, Tapi hanteu jeung dipikir,

Di dunya teu daek mikir, Teu rumasa jadi fakir.

Ari waktuna Sembahiyang, Keur nekadkeun taya kahayang, Tapi jongjon ambariyang,

Teu khusu kanu diteang.

Sembahiyang jeung pujina, Teu tinggal saban waktuna, Tapi teu nyaho maksudna, Teu hasil kantun capena.

Mun suuk mah ngan cangkangna, Henteu ngampihan sikina, Kumaha rek dipelakna,

Mo enya aya hasilna.

Kuring lain ngalainkeun, Nu ku sadaya dilakonkeun, Supayana dipikirkeun,

Ku sadayana dikanyahokeun.

Anu matak wajib terang, Kana pibalikeun urang, Kudu ayeuna kasorang, Bisi sakarat wiwirang.

SPONSOR:
Perjalanan hidup suluknya sang khaliq, klik disini
dari urang Sukabumi klik disini
Untukmenambah pede klik disi
Punya masalah rumit klik disi
Ingin punya Web Master no.1 Klik disini

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Temu Kangen Alias Reunian SMA Cimindi

Amalan Anak Kunci Pembuka Khasanah Langit dan Bumi

KEBUN TEH PANGHEOTAN CIKALONG WETAN