MEDAR AGAMA KU BAHASA SUNDA

Tong disempal ku guyon, tong di cawad ku banyol, tapi urang pilah supados kagalih kumanah, kahontal kurasa, hayu urang pedar Agama Ku Bahasa Sunda.

Ari Agama teh kieu sayaktosna, tina elmu anu kudu kaharti anu bisa ditektek, diterangkeun mimitina, kieu dalilna, dina hadist geus kamasyhur, dalilna kieu anu kauni;

Mimitina Awwalu Dinni, lajengna Ma’rifatullah, sundana kieu eta teh, lamun rek ngalalakon agama, wajib ma’rifat heula, kana dzat Allah nu Maha Agung, supaya sah ibadahna.

Hal ma’rifat ka dzat Allah, eta teh lain sapertos, nganyahokeun kanu anyar, Hawadist basa arabna mah, hawadist teh nu ngajentul, nu nyata aya buktina.

Tatapi masing kaharti, atawa ka elmuan, sabab Allah ta’ala teh, ceuk saksina Dzat Laesa, Kamislihi, hartina dzat yang agung, hanteu aya umpamana.

Ngan dawuhan Kangjeng Nabi, wajib nganyahokeunnana, nganyahokeun diri maneh, diri anu sajatina, sabab kieu ceuk Hadistna,
Waman aroffa nafsahu, faqod aroffa robbaha.
Jeung aya lajengna deui, Man aroffa robbaha, Faqod jahilan nafsah , kieu pihartieunnana, saha-saha jelema, nyaho ka dirina, tangtu nyaho ka pangeran nana.
Jeung saha nu nyaho ka pangeranna, dirina geus tangtu ngarasakeun bodo, tah eta kitu hartina, mangga geura manahan, dalilna eta teh kitu, pikeun saksi ngelmu tea.

Malah dawuhan Kang Jeng Nabi, Illa anna awallanafsah, terasna teh fardu ‘ain, kieu eta teh sundana, mimitina hal ibadah, sing terang jatining hirup, masing tepi kana Fardu ‘aena.

Sasat kudu katinggal, sifat hirup sing kapendak, sajatining sahadat buktina, bibitna sagala rupa, nya hahekat Muhammad, awalna Muhammad kitu, nya eta Sagara Hayat.


Malah-malah aya, dalil deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, fiidunya bi ‘ainil qolbi, kitu anu kauni, ari hartina teh tangtu, ninggali Allah di dunya, kudu ku awasna ati, hanteu bisa ninggal ku panon kapala nu aya.


Samalah aya lajengna deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, lajengna Bil akhiroti, teras bi’aenil ‘arsi, sundana teh kitu deui, ningal Allah di akherat, ku panon teu salah deui, tatapina hanteu kalawan kapiat.

Sabab teu adu hareupan, kusabab enggeus ngahiji, kawas kembang jeung seungitna, saperti gula jeung amisna, kertas jeung bodasna, kawas ombak sareng lautna, tah kitu pihartoseun nana.


Aya dalil kieu kauni ; Awwalu dinni, sareng Ma’rifatullahi, anu tadi dipisaur, kudu nyaho ka dzat Allah, saha nu kudu ninggali, lamun urang nu kudu terang ka Allah.

Kapan geuning geus kapegat, kapiheulaan ku dalil, Laa haula wala quata Illa billahil ‘aliyil ‘adim, kapan hartina teh teu daya teu upaya, urang soteh ceuk nu hurip, sategesna hurip hirup, hirup nyatana cahya, hakekatna Muhammad Nabi, hurip rasa, rasa teh nya Rasulullah.
Tah kitu pihartoseun nana, bilih tacan kahartos, lain urang ceuk nu anyar, nu anyar damelan gusti, nu anyar moal tinggali, tangtu gusti anu weruh kawasa ninggalina, anu Dzat laisa tea, bila haiffin makanin, enya eta sategesna Ahadiyat tea.

Aya deui dali sapertos kieu anu kaserat; Waman aroffa nafsahu, faqod aroffa robbaha, man aroffa robbaha deui, salajengna jeung faqod jahilan nafsaha.

Saha-saha anu terang, kana dirina pribadi, tangtu nyaho ka Pangeran nana, saha nu nyaho ka gusti, bodo dirina pasti, unggel Hadist eta kitu, naha diri nu mana, anu kudu dipilari, naha ieu nu ngajentul badan badag.

Saupami sayaktosna, kudu nganyahokeun diri, diri ieu anu aya, nu bukti ieu ngajagrig, karaos hanteu hasil, bet asa teu puguh-puguh, kapan enggeus katinggal, enggeus sidik ti leuleutik, moal enya
kantenan hanteu hasil mah, neangan diri nu bukti, naha tacan tinggali, kana diri nu satuhu, kapan ieu mah jasad, ngaran-ngarana oge jasmani, ngaran diri anu sabener-benerna.

Hiji ngaran Narun tea, Hawaun, Turobun deui, Ma’un anu kaopatna,bilih teutacan hartos, nyaeta badan rohani, tah eta nu kudu, ku urang masing kapendak, ari nu ngaran jasmani, kudu ilang tapi papada ilangna.

Ulah leungit tanpa sabab, leungitna kudu kaganti, kagenten ku opat rupa, kakara bisa ngajadi, mun masih badan jasmani, kumaha geusanna mafhum, kudu genten ginentenan, ilangna badan jasmani, sing kagenti ku badan rohani tea.

Sabab hartina Jas eta, piraku hanteu kaharti, kapan baju ceuk sundana, ari hartina teh mani, nyaeta badan rohani, sasatna baju teh bungkus, bungkusna rohani tea, anu mawi moal hasil, lamun urang nganyahokeun badan nyata.

Kudu dirakrak bajuna, sangkan eusina kapanggih, tah sakitu ibaratna, ieu teh badan jasmani, hijabna ka Maha Suci, mun teu ilang heula wujud, eusina moal kapendak, disaibaratkeun ucing, maksud ucing rek ngintip beurit kaluar.Kaluar tina liangna, tapi ucingna teh cicing, dina hareupeun liangna, kalah paeh moal bijil, tangtu pisan moal hasil, tah ibarat kitu, ucing teh ibarat jasad, beurit ibarat nu Latif, mo kapanggih mun jasad teu rasa ilang. Mun dina ucing tea mah, hayang kaluarna beurit, ucingna teh kudu nyingkah, kakara torojol beurit, menggah di jalmi oge , mun hoyong ma’rifatu, kana dzat Allah ta’ala, kudu sing ngarasa pasti, sing ngarasa hanteu ngabogaan jasad.

Dina keur waktu tarekat, sing ilang rasa jasmani, kagenten ku Rasulullah, rasa ni’mat anu sajati, bakating resep ninggali, kana dzatna Maha Agung, tangtu ngarasa ilangna, dunya sarawuh jasmani, ceuk babasan sarangka manjing waruga.
Dina babasaan saha-saha jalmi, nu terang ka Maha Agung, disebat bodo dirina, tah didinya kedah di lenyepan.

Aya nu terang ka allah, disebatkeun bodo pasti, sanes pinter kasebatna, naha asa bingung teuing, naha ari nu katepi, ma’rifat kanu Maha Agung, dina ceuk dalil eta, disebatkeun bodo pasti, atuh leuwih hina tinu hanteu terang.

Kieu waleran nana, basa bodo teh hartina, manusa mah moal teuing, ma’rifat ka Maha Suci, sabab dalil geus ngawengku, Laa haula wala quwata, illaa billahil ‘aliyil ‘adim, hartina teh teu daya teu upaya.

Mun manusa nu ma’rifat, mutajilah eta pasti, sabab ngajirimkeun Allah, katinggal ku panon bukti, ku mata anu buncelik, atuh saperti si waru, papanggih jeung si dadap, sidik aya dua jirim, aya itu jeung aya diri manehna.

Kapan Allah Nafi Isbat, aya Isbat euweuh Nafi, aya Nafi euweuh Isbat, kalem timbul kitu rai, Isbat ayana pasti, diri manusa geus tangtu, nya ieu sifatna urang, Nafi ayana rohani, mun keur Nafi Isbatna kudu teu aya.

Upami kitu atuh saha, nu ma’rifat ka Yang Widi, ari sanes manusa mah, anging Jeng Rasulullohi, Muhammad Nabi panutup, nu sumareh di Madinah, majajina mah geus sidik, enya eta sareatna nu ma’rifat.

Diurang mah hakekatna, hakekat Muhammad Nabi, nyatana nyaeta rasa, awas paninggali ati, eta nu bisa tinggali, ma’rifat ka Maha Agung, ari tinggal manusa mah, nu make panon buncelik, eta kitu dina katerangan nana

Sabab ngan wungkul ceuk beja, beja dibejakeun deui, diandel bae basana, buktina teu dipilari, keukeuh ngaji luareun diri, ngajauhkeun ka Yang Agung, teu diaji salirana, sifat dua puluh yakin, ngan di aku nyatana badan anu ngahiji.

Nyambung kana sifat dua puluh...

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Temu Kangen Alias Reunian SMA Cimindi

Amalan Anak Kunci Pembuka Khasanah Langit dan Bumi

KEBUN TEH PANGHEOTAN CIKALONG WETAN